Wednesday, August 18, 2010

Sasakala Majalengka


Dina abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna
aya tilu Karajaan Cakra Ningrat ngaheuyeuk karajaan-karajaan
Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyirambut Kasih ratu
Sindangkasih.
Nyirambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi
deuih kawendar sakti. Ratu anu gede wibawa jeung gede komara,
sarta jadi panutan masyarakat.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih teh masih
mangrupa leuweung di antarana tutuwuhana aya anu disebut
tangkal maja, anu khasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya Syeh Arif
Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit muriang.
Loba anu kaserang.
Syarif Hidatulloh ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti
Armilah pikeun neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu
katerap panyakit muriang calageur deui, nya terus bae utusan teh
arindit nya bae, salian ti rek neangan buah maja teh, Pangeran
Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan sejen nyaeta rek
nyebarkeun Agama Islam.
Tantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih
heunteu permios heula, Nyi Rambut Kasih heunteu sakarun
wewengkon kakawasaanna di tincak ku jalma lain. Nyirambut
Kasih ngawatek kasaktianana. Leuweung nu asalna pinuh ku tangkal
maja teh langsung ngaleungit. Eta utusan teh teu manggih anu
diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi
eweuh.
“Majane langka, majane langka” ceuk utusan dina
basa cirebon, nu maksudna majana euweuh.
Nya neulah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi
Majalengka.
Sanajan anu diteanganana teu kapanggih oge, pangeran
Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka Cirebon,
ceuk angkeuhanana sugan wae dina hiji waktu mah bakal
manggihan tangkal Maja, Jadi eta utusan teh teu eureun-eureun
neangan tangkal eta, bari sakalian nyebarkeun agama Islam.
Sabada ngawurukan bagbagan agama islam kabalarea
disaumbara tempat Pangeran Muhamad terus matuh digunung
Margatapa, ari Siti Armilah itikap satekah polah pikeun
ngaislamkeun Nyi Rambut Kasih ngan keukeuh teu hasil Nyi
Rambut Kasih tetep kana agamana, tapi kaahirnamah ngahiang.
Sabada ditinggalkeun kukarajaan Sidang Kasih aya dina
kakawasan Cirebon sarta saterusna mah Majalengka. Pangeran
Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Marga tapa, ari Siti Armilah
mah dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka,
ayeuna anu katelahna makam “Ki Bedeng Badori”.

No comments:

Post a Comment